Seratan Putra Pasundan di Luragung.Web.Id

Prasasti Cidanghiyang

Wikipedia, Prasasti Cidanghiyang nyaéta salah sahiji prasasti anu asalna ti karajaan Tarumanagara sarta perenahna di wewengkon Pandéglang. Prasasti Cidanghiyang perenahna di sisii (walungan) Cidanghiyang di désa Lebak, kacamatan Munjul, kabupatén Pandéglang. Koordinat patempatan prasasti ieu téh 0°55’40,54” BB (ti Jakarta) sarta 6°38,27’57”. Prasasti Cidanghiyang dilaporkeun munggaran ku Toebagus Roesjan ka Dines Purbakala taun 1947 (OV 1949:10), tapi ditalungtik munggaran dina taun 1954.

Eusi Prasasti Ciaruteun

Prasasti Ciaruteun atawa prasasti Ciampéa nyaéta prasasti nu kapanggih di sisi walungan Ciaruteun, deukeut muara walungan Cisadané Bogor. Prasasti kasebut mangrupakeun titilar karajaan Tarumanagara.

Prasasti Ciaruteun perenahna di désa Ciaruteun Hilir, kacamatan Cibungbulang, Kabupatén Bogor persisna dina koordinat 0°7’2,76” BB (ti Jakarta) sarta 6°38’09”.

July 18, 2010 | 1 Komentar | Saterasna.. »

Tarjamah Prasasti Batu Tulis

Wikipedia, Prasasti Batu tulis nyaeta hiji prasasti nu perenahna di jalan Batutulis, Kalurahan Batutulis, Kacamatan Bogor Selatan, Kota Bogor. Komplek Prasasti Batutulis legana 17 x 15 meter. Batu prasasti jeung barang-barang lianna paninggalan karajaan Sunda aya di komplek ieu. Dina batu ieu diukir kalimah-kalimah dina basa jeung aksara Sunda kuna.

Carita Parahiyangan

Carita Parahiyangan mangrupakeun ngaran hiji naskah Sunda nu dijieun kira ahir abad ka-16, nu nyaritakeun sajarah tatar Sunda, utamana ngeunaan kakawasaan karajaan Galuh jeung Sunda. Dingaranan ktiu dumasar kana bubuka eusina nu nyebutkeun “ndéh nihan carita parahiyangan“. Dumasar kana carita nu mungkasna, ieu naskah dijieun dina ahir abad ka-16 atawa awal abad ka-17, nalika kakuatan pulitik Islam saeutik-saeutik geus nyilihan kakawasaan Sunda di Pakuan Pajajaran.

June 30, 2010 | 1 Komentar | Saterasna.. »

Sajarah Parahiyangan

Saméméh ragrag kana kakawasaan Mataram, wilayah Priangan ngawengku daérah antara walungan Cipamali di béh wétan jeung walungan Cisadané di béh kulon, iwal wilayah Pakuan Pajajaran, Jakarta, jeung Cirebon. Sanggeus Karajaan Sunda runtag dirurug Banten (1579/1580), wewengkon nu teu dikawasa Banten kabagi kana dua kakawasaan: Sumedang Larang jeung Galuh. Sumedang Larang nu puseur pamaréntahanana di Kutamaya (wilayah kulon Kota Sumedang kiwari) dipingpin ku Prabu Geusan Ulun (1580-1608). Saméméh taluk ka Mataram nu keur dipingpin ku Sutawijaya (1586-1601), Galuh mangrupakeun karajaan mandiri (1580-1595).

Parahiyangan

Parahiyangan, Parahyangan, atawa Priangan mangrupakeun hiji wewengkon di pulo Jawa bagian kulon, sabagian ti Tatar Sunda/propinsi Jawa Kulon kiwari, nu legana kurang leuwih 21500 km2 (sapergenep lega pulo Jawa).

Priangan ayeuna nyaéta wewengkon di Propinsi Jawa Barat nu ngawengku Kabupatén Cianjur, Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya, Ciamis, jeung Banjar nu gedéna kira-kira sapergenep ti lega wewengkon Pulo Jawa (kurang leuwih 21.524 km pasagi). Di beulah kalér watesna jeung Karawang, Purwakarta, Subang jeung Indramayu; beulah wétan watesna jeung Majaléngka, Kuningan. Jeung Jawa Tengah diwatesanan ku Citanduy; beulah kidul diwatesan ku Samodra Indonésia; beulah kulon watesna wewengkon Sukabumi jeung Bogor.

Prabu Siliwangi

wikipedia, Prabu Siliwangi mangrupakeun hiji tokoh anu kamashur dina kasusastran Sunda, nujul ka tokoh sajarah anu gelarna Sri Baduga Maharaja (sakumaha dina prasasti Batutulis) atawa Jayadéwata (dina Carita Parahyangan), ti karaton Pakuan Pajajaran, puseur pamaréntahan karajaan Sunda.

Sumber sajarah pangbuhunna nu nyabit-nyabit kecap “Siliwangi” nyaéta naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian (1518 M) nu maksudnya nyebutkeun hiji lalakon pantun, éta ogé lalakonna mah teu dicaritakeun. Nu kadua nyaéta Carita Purwaka Caruban Nagari (1720) nu ditulis ku Pangéran Arya Cirebon, nu ngadadarkeun yén Prabu Siliwangi téh putra Prabu Anggalarang ti Galuh, nu kungsi matuh di karaton Surawisésa, Parahyangan Wétan.

Pajajaran Nurutkeun Naskah Wangsakerta

Naskah Wangsakerta, anu ngarupakeun sumber sekunder (sumber lain ti jamanna anu ditulis ku eta naskah), nyabit-nyabit Pajajaran sabage ngaran karajaan kalayan rajana anu munggara nyaeta Sri Baduga Maharaja (disebut oge Prabu Siliwangi).

Ngan aya beda antara sumber sekunder kasebut jeung sumber primer (warta ti jamanna) boh mangrupa cutatan saksi mata urang Portugis boh mangrupa eusi Prasasti Tugu. Prasasti Tugu sarta saksi mata urang Portugis nyutat yen ngaran karajaan di bagian kulon pulo Jawa jaman Sri Baduga Maharaja jeung Surawisesa teh karajaan Sunda; sama sakali henteu nyebut ngaran karajaan Pajajaran.

Pakuan Pajajaran

Pakuan Pajajaran (atawa Pakuan/Pakwan atawa Pajajaran) nujul ka puseur dayeuh pamaréntahan Karajaan Sunda, hiji karajaan nu kungsi aya di Tatar Sunda, wewengkon kulon pulo Jawa. Di puseur ieu karajaan, Prabu Susuktunggal (ngawasa 1382-1482) ngadegkeun karaton/kadaton karajaan nu katelah “Sri Bimapunta Narayana Madura Suradipati”.

Ngaran/sebutan Pakuan Pajajaran kapanggih dina sababaraha titinggal arkéologis mangrupa prasasti jeung sababaraha naskah Sunda kuna, di antara prasasti Batutulis (abad ka-14), prasasti Kabantenan, naskah Carita Parahyangan (1580) jeung Fragmén Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru (abad ka-18), jeung naskah MSA.

Kasultanan Banten

Sultan banten nyaeta :

  1. Pangéran Hasanudin – Panembahan Surosowan (1552-1570)
  2. Sultan Maulana Yusuf – Panembahan Pakalangan Gedé (1570-1580)
  3. Sultan Maulana Muhammad – Pangéran Ratu Ing Banten (1580-1596)
  4. Sultan Abul Mafakhir Mahmud – Abdul Kadir Kenari (1596-1651)
Page 1 of 41234
.